Peuting tadi taya hujan nu marengan sawangan.
ukur aya kalakay ragrag jeung angin nu niupkeun salempang.
wanci janari nu katompernakeun pikir kumalayang neangan harepen
nu can tangtu iraha ngwujud kanyataan.
kanyaah jeung ka tresna
masih kalindih halimun.
Satungkebing langit salega jagad nyaksi ngajadi hiji

Pangarti
nu jadi ciri,
ka gagahan anu rongkah,
kapangkatan anu di piwegah,
elas moal aya paedahna
tanpa hirup di barengan ku kaimanan jeung katakwaan
ka Alloh SWT
ka gagahan anu rongkah,
kapangkatan anu di piwegah,
elas moal aya paedahna
tanpa hirup di barengan ku kaimanan jeung katakwaan
ka Alloh SWT
Mun
geus nyaho ulah poho,
tangtu moal kabobodo.
Mun geus ngarti ulah lali,
pinasti moal pahili.
Lamun rasa geus rumasa,
kade ulah asa-asa,
hirup moal katambias.
Mun geus iman ulah mangmang,
moal kagembang ku nu herang
tangtu moal kabobodo.
Mun geus ngarti ulah lali,
pinasti moal pahili.
Lamun rasa geus rumasa,
kade ulah asa-asa,
hirup moal katambias.
Mun geus iman ulah mangmang,
moal kagembang ku nu herang
Geulis
kawanti-wanti,
endah ka bina-bina,
manis camperenik pipi belah ketupat,
gado endog sapotong,
halis ngajeler paeh,
irung kuwung-kuwungan,
ta`ar lancah maungeun,
kuku ngadaun eurih,
bu`uk ngaombak banyu,
cangkeng lengik lir papanting.
endah ka bina-bina,
manis camperenik pipi belah ketupat,
gado endog sapotong,
halis ngajeler paeh,
irung kuwung-kuwungan,
ta`ar lancah maungeun,
kuku ngadaun eurih,
bu`uk ngaombak banyu,
cangkeng lengik lir papanting.
Rawe-rawe rantas malang-malang putung
dina mangsa ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara
dina mangsa ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara
Tos tebih urang lumampah naratas jalan kahirupan
Ayeuna kantun nitenan turta tumaros ka diri pribadi masing-masing.
"Tos dugi kamana perjuangan urang pikeun milari karidoan Pangeran buktosna Alloh SWT...?"
Ayeuna kantun nitenan turta tumaros ka diri pribadi masing-masing.
"Tos dugi kamana perjuangan urang pikeun milari karidoan Pangeran buktosna Alloh SWT...?"
Panon poe nu tadi cumolorot, kiwari geus tunggang gunung.
Kawas nu ngelingan ka sakumna umat manusa nu glar di marcapada,,,
pikeun mileuleuyankeun berang tadi nu ges kaliwat,
anu bakal di papas pungkas ku poekna peuting.
Kawas nu ngelingan ka sakumna umat manusa nu glar di marcapada,,,
pikeun mileuleuyankeun berang tadi nu ges kaliwat,
anu bakal di papas pungkas ku poekna peuting.
Geusan
mamapag balebat bulan munggaran,
Romadhon nu di berkahan. ti abdi sakulawargi.
Bilih aya tutur saur anu teu ka ukur, reka basa nu pasalia,
ucap anu lepat, jangji anu pajalir,
sumpah anu sulaya, sareng tingkah paripolah anu teu merenah,
mugi agung cukup lumur jembar hapunten anu di teda ti sadayana...
Mugia ngocor ngagolontor rohmat kalih magfiroh Alloh kanggo urang sadyana,
naon rupi hal pamaksadan mugia sing sapamundut ginuluran sapaneja tinekanan.
di kobul ku Alloh SWT.....Aamiin.....

Titimangsa medal katresna
dibageakeun ku ingkang putra nu gelar ka marcapada
dibageakeun ku ingkang putra nu gelar ka marcapada
Alhamdulillah atos kieu mah kantun ngadu'a.
Mudah-mudahan sing punjung-panjang,
mulus rahayu berkah salamet.... Aamiin.
Mudah-mudahan sing punjung-panjang,
mulus rahayu berkah salamet.... Aamiin.
Haturan rawuh pangersa.....!
Sumangga Linggih......!!!!!
Salira nu dianti-anti ti kamari,
diantos-antos ti bareto
kiwari tos cunduk waktu nu rahayu ninggang mangsa nu utama.
pangapunten bilih tina sagala rupi panampianana kirang tata kirang titi duduga peryoga,
mugi agung cukup lumur jembar hapuntena nu di teda.

inggis ku bisi rempan ku sugan.
diri ukur sasampiran, awak ukur sasampaian, nyawa uku gagaduhan.
Manusa taya hak ngaboga-boga.
Anging gusti nu kagungan, anu ngusik malikeun diri abdi-abdi sadaya.
Ras ka diri anu pinuh ku kakufuran, maksiat, jeung dosa.
teu sirikna kapeurih patindih-tindih, karipuh pagulung-gulung, kasusah patembal-tembal.
Mun hrup kokojayan dina bebendon gusti.
Yaa Alloh sembaheun abdi-abdi sadaya.
Mugi gusti ngahapunten kana kaluputan abdi-abdi sadaya.
sanaos diri lambokot ku dosa, adbdi sadaya muharep kana rohmat kalih pitulung gusti....Aamiin...!!!
Halimun gunug nu nyimbutan...
Girimis leutik anu marengan,
mepeskeun simpe wanci janari
peuting ieu taya bentang nu ngiceupan
tapi da teu ngandung harti bdegong
pedah we kahalangan ku angkeub ceudeum,
sareng haleungheumna pihujaneun...
Tiis na ci ibun bajra
maseuhan lelembutan nu karek karumpul ngabaju miraga sukma
kana raga katut waruga.
paralun maklum nu kasuhun, wening galih nu di pamrih, hapunten anu di teda.
Buah ati kembang soca mustika di pawenangan, nu payus di agung-agung di puja di dama-dama.
Milari pangarti keur ngaji diri...
Ngalap pangabisa keur nafakuran waruga....
Nutur syukur ka Robbul Gofur...
Manjatkeun puja kanu kawasa...